Diluhureun Jambatan Cikapundung, tukangeun kantor PLN Bandung, Mang Lili tukang ngieunan hurup tina triplek, biasa mangkal didinya. Ngadagangkeun jasa ngieunan hurup jeung angka-angka tina kai triplek. Ret ku abdi ditempo jongkona. Aya tulisan kieu : “Silih Asih, Silih Asah, Silih Asuh”. Moto urang pasundan, ti karuhun ki Sunda, cek Mang Lili. ‘Jero eta teh maknana”, nambahan bari neuteup ka panon abdi.
Sorangan bari jeprat jepret we motretan walungan cikapundung, mang Lili bet ujug-ujug aya gigireun abdi. Bari tuluy nyarita kieu :”Baheula mah herang caina, emang ge malah sok mandi teh di didieu”, kitu ucapna. Kuring jadi inget keur jaman budak, sok ulin ka derenten (kebon binatang), memeh nepi teh, kudu mentas heula jambatan luhureun walungan Cikapundung. Ennya da, Cikapundung teh caina herang harita mah. Malah sok kawenehan, loba barudah jlung jleng ngarajleng ka walungan Cikapundung, ngarojay.
Ari ayeuna, nya kiruh caina teh, nya rupa-rupa runtah paralid, bari tuluy narawang nyorang ka Bandung beh kaler. Heueuh da, rek kumaha teu kiruh, leuweung kai jeung tatangakalana ge geus ganti ku leuweung beton. Imah aragreng bari nu bogana ge urang deungeun. Sedih!.
Ceuk Mang Lili, “da ennya iman teh ngan ukur di ucapkeun wungkul, tapi bari jauh ari prakna mah”, bangun nu kesel. Satuju. Ari kawit timana? “ Ti Garut, ngan tibubudak emang mah gede di Bandung”, jawabna teh. Bari tuluy norowelang, nyaritakeun pangalaman hirupna di Bandung.
“Sok kurang ngaji urang mah “, ceuk Mang Lili pok deui. Na kumaha kitu?, ceuk kuring. “Ennya geura pek taroskeun, saha penjajah anu pang jahatna. Ari jawabna teh kalah Walanda jeng Jepang”. Ari kitu saha penjajah anu biadab teh mang? Abdi nanya panasaran. Mang Lili cicing bari nyerengeh. Tuluy pokna kieu : “ Ceuk emang mah anu paling jahat penjajah teh urang Arab”, nambahan. Aduh…!. “muhun pek we emutan cacak kakara di bibita ku sorga jeung disingsieunan ku naraka, jalma teh mani nepi ka ta’luk”.
Cag ah.
mang Lili mah aya2 wae, ari panjajah mah dimana-mana jahat, sarakah, barangasan da bangsat. lamun dihubungkeun jeung agama mah jauh tanah ka langit mang